Urang
kudu boga sobat,
Eukeur
urang menta nasehat,
Nyaritakeun
susah bungah,
Eujeung
sakabeh rusiah.
Tapina
kudu tarapti,
Milih
sobat nu sajati,
Taat
kana agamana,
Jujur
jeung tara basilat.
Lamun
urang salah milih,
Seug
urang pagentreng,
Ka urang
malik ngabintih,
Asal
hade jadi goring.
Sosobatan
anu ikhlas,
Hate
soleh tur beresih,
Pasti
Gusti mika welas,
Ka
mahluk nu silih asih.



0 komentar:
Posting Komentar